Selasa, 07 Februari 2012

Abang-abang lambe

Kecap abang dina ieu babasan hartina beureum. Ari lambe atawa lambey kaasup kana basa ragam hormat, anu dina basa ragam lomana saharti jeung biwir. Sarerea oge geus appal, gunana biwir teh diantarana pikeun nyarita.

Babasan abang-abang lambe hartina nyarita ukur pikeun ngangeunahkeun hate batur wungkul, tapi teu terus jeung hate, atawa teu jeung prakna. Ieu babasan teh sakapeung robah ungkarana jadi ukur lalambe.
Abong biwir teu diwengku

Kecap wengku dina ieu paribasa maksudna palipid barang anyaman (boboko, nyiru, cecempeh, tampir) di sakurilingeun sisina, sangkan jadi weweg. Ari biwir mah memang teu make wengku, jadi bias dipunyan-penyon sakahayang, maksudna bias jeung laluasa dipake ngedalkeun omongan kumaha wae oge.

Ieu paribasa teh sakapeung ungkara sok ditambahan jadi abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan, tumerap ka jalma anu ngomongna sakarep-karep (teu jeung wiwaha), teu ngingetkeun bakal kumaha pibalukareunana pikeun batur, nu penting asal disada.
Adat kakurung ku iga

Kecap adat dina ieu paribasa maksudna tabeat atawa kabiasaan anu tumerap ka hiji jalma. Jadi lain adat dina harti kabiasaan anu engkena bras kana tradisi. Ungkara kakurung ku iga nuduhkeun aya dina jero iga. Ari iga teh nyaeta bagian awak urang di sisi kenca jeung katuhu, antara dada jeung tonggong, handapeun kelek, luhureun cangkeng.

Tah tabeat hiji jalma teh dipapandekeun aya dina jeroan iga. Geus kasawang, kumaha hesena ngarobah pasipatan hiji “barang” anu aya dina jero awak. Paribasa di luhur ieu teh ngandung harti (tabeat atawa kabiasaan) goring anu geus maneuh, tur hese dipiceunna.
Adean ku kuda beureum

Kecap adean teh patalina jeung kuda, miboga dua harti. Kahiji, peta kuda meunang ngahaja malajar (ngalatih), misalna wae nyirig atawa renggong; kadua, tumpak kuda disina ningkah. Dina ieu paribasa digunakeunana eta kecap teh leuwih keuna dina harti nu kadua.

Paribasa adean ku kuda beureum hartina ginding ku banda (papakean) batur (meunang nginjeum). Antara ungkara paribasa jeung hartina memang taya patalina, sabab gede kamungkinan asalna mangrupa sisindiran:

Adean ku kuda beureum
Hade ku banda deungeun

Ngadu Bako

Bareto aya kabiasaan, dina sareureuhna gawe, biasana pasosore, lalaki sok tingrariung bari ngobrol ngaler ngidul. Sajeroning kitu teh maranehna sok bari siliasaan bako, diicip-icip mana nu pangeunahna. Nya disebut we ngadu bako.

Harti nu dikandung dina babasan ngadu bako oge teu jauh ti dinya, nyaeta ngadon ngalohong ngobrol ngaler ngidul bari teu puguh jejerna, tur anu dikahareupkeunana oge lain perkara penting.
Agul ku paying butut

Salasahiji lambing status kamenakan dina jaman bareto nyaeta paying. Dina hal ieu, paying teh lain digunakeun sakumaha mistina, pikeun niungan lamun hujan atawa panas. Luhur handapna pangkat hiji menak bias dititenan tina payungna.

Paribasa agul ku paying butut, atawa sakapeung ungkarana robah jadi ngagulkeun paying butut, harti agul kuturunan, atawa ngagulkeun luluhur (bapa, aki, uyut jeung saterusna) diri sorangan, pedah turunan menak.
Ngajul bulan ku asiwung

Anu dimaksud asiwung tehh nyaeta kapas meunang meresihan jeung meunang meteng, biasana keur kaperluan mulasara mayit. Ku urang geus kasawang, bulan mah pamohalan bias diajul ku asiwung, lantaran tempatna oge sakitu jauhna, jeung deuih asiwung teh leuleus, moal bias dipake ngajul.

Paribasa ngajul bulan ku asiwung teh hartina boga kahayang anu pamohalan bias kalaksanakeun, atawa nyieun tarekah anu mubadr, moal ngadatangkeun hasil. Paribasa liana anu meh samaksud jeung ngajul bulan ku asiwung nyaeta:

mesek kalapa ku jara
anjing ngagogogan kalong

Aki-aki tujuh mulud

Hartina aki-aki nu geus kolot pisan. Bisa jadi patalina kecap tujuh jeung kecap mulud teh ukur diarah purwakantina. Atawa mun dipapandekeun kana pakarang (dina kahirupan urang Sunda aya tradisi meresihan barang pusaka dina saban bulan Mulud), meresihanana oge kudu tujuh Muludeun, bakat ku kandel karahana. Jadi ngagosokna kudu lila lamun haying tepi ka beresih deui teh.

Alus laur hade ome

Sasaruaan kecap laur teh nyaeta langgeor; anu pihartieunana nyaeta obahna badan dina waktu leumpang. Tepi ka sok jadi kacapangan leumpangna mani ngalanggeor, nuduhkeun cara leumpangna anu alus katenjonna. Tangtu wae lain leumpang bari rurusuhan anu ngalanggeor mah.

Paribasa alus laur hade ome hartina tegep dedeg pangadegna, rek di awewe rek di lalaki.
Aya bagja teu daulat

Hartina arek menang kauntungan atawa bagja, tapi teu tulus.

Baleg Tampele

Kecap baleg teh miboga dua harti:

mimiti boga (mimiti ngagunakeun) akal pikiran sarta mimiti aya birahi
bener

Ari nu dimaksud tampele nyaeta ngaran lauk jarah sabangsa betook leutik, tapi lemes sisitna, sok diadukeun. Kecap baleg dina babasan baleg tempele digunakeun dina harti anu kahiji. Ieu babasan teh dilarapkeun ka budak (umur welasan taun) anu mimiti mangkat beger, wanina karek tukangeun, ari hareupeun mah era keneh.
Bali geusan ngajadi

Anu dimaksud bali nyaeta:

ari-ari santen nu kaluar (dina ngalahirkeun) sabada kaluar orok
robahna tina bale, nyaeta ngaran tempat dina babagian adegan (wawangunan).

Bali geusan ngajadi hartina lemah cai atawa tempat urang dilahirkeun.

Balik ngaran

Hartina ngadon maot di lembur batur, anu balik teh lain jelemana, tapi ngaranna wungkul.

Balung kulit kotok meuting

Kecap balung dina basa Sunda miboga dua harti:

jawer hayam nu luhurna
tulang

Dina ieu paribasa, kecap balung teh dilarapkeun dina harti nu kahiji.

Balung kulit kotok meuting hartina henteu beresih pisan hatena, masih keneh ngunek-ngunek.

Paribasa sabalikna nyaeta balungbang timur caang bulan opat welas jalan gede sasapuan, anu hartina iklas atawa beresih hate.
Banda tatatlang raga

Hartina lamun urang keur manggih karerepet (gering upamana), taya halanganana urang ngajual barang boga sorangan, pikeun ngabelaan awak sangkan waras deui.

Banteng ngamuk gajah meta

Ieu paribasa teh sakapeung ungkarana robah jadi maung ngamuk gajah meta. Tapi ari harti anu dikandingna mah sarua, nyaeta bancang pakewuh, ririweuhan, atawa kajadian anu dipikasieun jeung dipikagigis ku urang.

Batok bulu eusi madu

Batok bulu teh batok nu can dikerok, sesa tapasna masih keneh narapel. Keur mah kasar, katurug-turug goring katenjona deuih. Beda jeung batok meunang ngerok; leucir semu herang, sok dipake nginum minangka gaganti cangkir atawa gelas.

Paribasa batok bulu eusi madu dilarapkeun ka jalma anu goring rupa, tapi pinter jeung bageur.
Batok kohok piring semplek

Hartina paparabotan anu taya hargana.

Batu turun keusik naek

Ieu paribasa teh sakapeung sok dianggap cangkang sisindiran, anu eusina itu purun ieu daek. Harti ieu paribasa teh loba turunan menak anu teu jareneng, tapi sabalikna loba turunan somah anu jareneng.

Bilih aya tutus langkung kepang halang

Anu dimaksud tutus nyaeta awi meunang meulahan, dipake ngajepit daun kiray keur hateup jeung salian ti eta. Ari kepang hartina anyaman bilik anu biasa, heuleut dua.

Paribasa bilih aya tutus langkung kepang haling teh hartina bisi aya omongan anu salah atawa matak teu ngeunah kadengena. Isu paribasa teh saharti jeung bobo sapanon carang sapakan.
Cangkir emas eusi delan

Anu dimaksud delan myaeta tarasi. Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu omonganana alus tur matak kataji pikeun nu ngadengekeunana, tapi saenyana ari hatena mah goring.

Kacanir bangban

Anu dimaksud canir nyaeta puhu akar anu rubak, misalna wae akar caringin. Anu rubak pisan mah jaman bareto, sok bias dipake keur nyieun kikiping (gilinding) padati. Ari bangban nyaeta ngaran tutuwuhan leuweung. Saenyana ari tangkal bangban mah euwuh cariran.

Babasan kacanir bangban hartina kawiwirangan atawa meunang woworang. Aya deui nu ngahartikeun ngawangu. Bisa jadi ari maksudna mah padeukeut keneh.
Cara bueuk meunang mabuk atawa kawas bueuk meunang mabuk

Ieu paribasa dilarapkeun ka jalma anu ngeluk tungkul, atawa teu wanieun ngomong sakemek-kemek acan, lantaran rumasa boga dosa.

Carang takol

Dilarapkeun ka jelema anu langka pisan ngomong, ari teu perlu-perlu teuing mah.

Careham hayameun

Ieu babasan teh dilarapkeun ka jalma anu beuki pisan barangdahar, tepi ka langka katembong reureuh nyapek.

Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria

Anu dimaksud awun-awun nyaeta mega hideung di langit. Ari janapria asal kecapna tina jana nu hartina jelema, jeung pria nu hartina dipikaresep. Paribasa kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria hartina mashur, sarerea padanyaho.

Ceuli lentaheun

Hartina sok sadenge-dengena, najan lain dengekeuneunnana, atawa resep ngadedengekeun kagorengan.

Cikal Bugang

Ieu babasan teh ngandung dua harti:

cikal hirup
anu pangheulana gugur di medan perang

Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

Cikaracak teh nyaeta cai nu nyarakclakan tina cadas nu nangtawing atawa di jero guha. Harti ieu paribasa nyaeta najan pagawean sakumaha hesena oge, lamun terus dileukeunan bari junun mah ahirna bakal anggeus.

Nyokot lesot, ngeumbing porot

Hartina sarwa salah, sagala rupa ihtiar teu hasil. Ungkara ieu paribasa teh sok robah jadi nete lesot, ngeumbing porot atawa nete semplek, nincak semplak.

Dagang oncom rancatan emas

Hartina ari modalna gede kacida, tapi bati nu diarahna pohara leutikna.

Ngadagoan uncal mabal

Anu dimaksud mabal nyaeta ngagunakeun jalan (liliwatan), lain anu biasana. Uncal anu mabal nyaeta uncal anu keur diboro, terus lumpatna henteu nyokot jalan parantina, tapi kalah apruk-aprukan, tepi ka ahirna sasab, teu bisaeun balik deui ka leuweung.

Paribasa ngadagoan uncal mabal hartina ngadagoan atawa ngarep-ngarep rejeki bari embung ihtiar heula. Ieu paribasa teh sok robah jadi ngadagoan uncal mahpal.
Daharna sakeser daun

Dilarapkeun ka jelema (pangpangna budak) anu mindeng pisan dahar, bias jadi lantaran mindeng ngarasa lapar, atawa dahar teh dianggap kaulinan.

Dihin pinasti anyar pinanggih

Hartina sagala rupa anu kaalaman (kajadian), saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran, atawa geus aya katangtuan ti lohmahpudna (ti ajalina).

Dogdog pangrewong

Dogdog teh ngaran tatabeuhan sabangsa bedug leutik, biasa dipake dina pintonan reog. Saparangkat atawa sasetna teh aya opat, tur masing-masing boga ngaran, ti nu pangleutikna tepi ka nu panggedena, nyaeta talingtik, tempas, brangbang, jeung pangrewong (indung).

Babasan dogdog pangrewong dilarapkeun ka jalma nu mantuan gawe ukur tamba lumayan, atawa milu nyarita minangka estra.
Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur

Dogong teh sarua hartina jeung tulak, nyaeta awi atawa kai panahan tatangkalan anu doyong, ngarah teu rubuh. Umumna anu sok didogong teh tangkal cau, lantaran sok doyong, beurateun teuing ku turuyanana.

Ieu paribasa teh hartina ngamumule mojang (lanjang) pipamajikaneun, tapi ana geus manjing dikawin kalah kop ku batur.
Sadom araning baraja, sakunang araning geni

Ieu paribasa teh jolna tina basa Jawa. Lamun disundakeun mah ungkarana kurang leuwih kieu : najan jarum tapi tetep beusi, najan sakotret tetep seuneu. Hartina nyaeta barang atawa perkara anu siga teu sapira, tapi bias nyilakakeun.

Dosa salaput hulu

Hartina teuing ku loba dosa.

Dulang tinande

Hartina awewe mah ilaharna nurut kana kahayang lalaki (salaki).

Duum tinggi

Hartina babagi henteu adil, aya nu meunang bagian loba, jeung aya nu saeutik.

Deukeut-deukeut anak taleus

Ieu paribasa teh miboga dua harti:

Teu nyaho yen baraya, padahal geus lila padeukeut imah
Sakitu padeuket, tapi teu nyaho aya kajadian penting diantara maranehna

Elmu ajug

Anu dimaksud ajug teh nyaeta damar jangkung. Lamun diseungeut, caangna teh ka tempat anu rada jauh, sedeng di sabudeureunana mah angger poek.

Elmu sapi

Hartina guyub atawa samiuk dina kagorengan.

Elmu tumbila

Hartina nu boga imah (pribumi) ngarugikeun ka semah.

Elok bangkong

Hartina ampir sakarat

Endog mapatahan hayam

Ieu paribasa teh hartina anu umurna sahandapeun mapatahan ka saluhureun, atawa anak mapatahan kolot.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh atawa endog sasayang, peupeus hiji, peupeus kabeh

Hartina kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya, atawa sobat ngabalukarkeun sarerea kabawa bingung atawa susah.

Endog tara megar kabeh

Hartina sanajan saindung-sabapa, tapi urusan rejeki atawa darajat mah can tangtu bakal sarua.

Saeutik mahi, loba nyesa

Isu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu bias ngatur rejeki, najan ukur meunang saeutik, tapi bias cumpon keur nutupan pangabutuh, komo lamun dibere loba, geus pasti bakal nyesa.

Sagalak-galakna macan tara nyatu anak

Hartina sanajan sakumaha galak (bengis) oge, indung-bapa mah moal tepi ka tega (maehan) ka nu jadi anak.

Galegeh gado

Ieu babasan teh dilarapkeun ka jalma nu darehdeh (sareseh), atawa sok dihartikeun darehdeh tapi teu terus kana hate. Eta harti teh bisa dianggap patukang tonggong; harti nu kahiji mah alus, ari nu kadua goring.

Gancang pincang

Hartina kusabab dipigawena rurusuhan, hasilna teh teu nyugemakeun. Babasan sabalikna nyaeta kendor ngagembol.

Ngagendong kejo susah nyatu

Hartina loba ari titaheun mah, boh anak sorangan boh bujang, ngan hanjakal ku hese nitahna, lantaran euweuh nu daekeun.

Gantung denge

Hartina ngarasa hanjakal, dumeh haying keneh ngabandungan kumaha carita terusna, tapi anggeus (eureun) manten.

Gantung teureuyeun

Hartina ngarasa hanjakal, barangdahar can seubeuh, tapi kapaksa eureun; bias jadi kusabab dahareunana geus beak, atawa aya dahareun sejen didagoan.

Ngegel curuk

Ieu babasan teh ngandung dua harti:

Teu kabagian atawa teu meunang naon-naon
Teu hasil maksud

Geledug ces

Hartina sumanget dina mimitina wungkul, tapi ka dituna mah terus melempem, atawa disangla arek hebat, tapi buktina mah henteu.

Getas harupateun

Harupat teh nyaeta bagian injuk anu siga nyere. Teu kaop dipileykeun, harupat mah babari pisan potong, sabab regas.

Babasan getas harupateun dilarapkeun ka jelema anu babari ambek bebeakan, kawas nu geus leungit timbangan pikiranana.
Geulis sisi, lur gunung, sonagar huma

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka awewe anu rupana tegep, ngan dangongna dusun.

Gindi pikir belang bayah

Dilarapkeun ka jelema goring hate, dolim, julig, atawa dengki, gawena ngan haying nyilakakeun batur wae.

Ginding kakampis

Kecap kakampis teh miboga dua harti:

kantong wadah cikiih dina jero beuteung sasatoan (munding, domba)
kantong hawa dina jero beuteung lauk

Kusabab kitu, eusi kakampis teh mun lain cikiih, nya ukur hawa wungkul alias kosong.
Pagirang-girang tampian atawa pagiri-giri calik pagirang-girang tampian

Anu dimaksud tampian nyaeta tempat mandi boh di walungan boh dipancuran. Tampian anu aya di girang tangtu bakal ngotoran ka tampian nu aya di hilireunana.

Paribasa pagirang-girang tampian hartina paunggul-unggul atawa pada hayang leuwih jeung dulur, pangpangna dina urusan kahirupan atawa rejeki, tur embung silih tulungan.
Giri lungsi tanpaingan

Giri teh gunung, ari lungsi hartina cacing. Kecap tanpaingan diwangun ku tanpa jeung hingan; duanana oge tina basa Kawi. Tanpa tina tan, hartina henteu. Ari hingan hartina wates, terus robah jadi hingga.

Jadi harti sajalantrahna tina ungkara giri lungsi tanpaingan teh nyaeta boh gunung boh cacing (dua babandingan anu pajauh pisan) sarua taya watesna. Ieu paribasa ngandung maksud yen urang ulah sok ngahina jalma, sabab sanajan katenjona siga nu bodo, saha nu nyaho manehna boga kapunjul.
Goong saba karia

Hartina datang karepna sorangan ka anu keur kariaan, sanajan henteu diondang, maksudna haying dititah digawe sangkan seubeuh barang dahar.

Goong nabeuh maneh

Hartina ngagulkeun diri atawa kulawarga sorangan.

Gurat batu

Hartina pengkuh dina nyekel omongan atawa pamadegan, teu babari robah-robah, carekna kitu teh, kitu we! Babasan sabalikna nyaeta gurat cai.

Guru, ratu, wongatua karo

Ieu paribasa teh diwangun ku kecap-kecap tina basa Jawa. Hartina nyaeta guru, raja (kapala nagara atawa pamingpin), jeung kolot (tegesna indung-bapa) wajib dihormat jeung diturut parentahna.

Hade gogog hade tagog

Ieu paribasa dilarapkeun ka jelema anu nya hade basana nya hade kalakuanana.

Halodo sataun lantis ku hujan sapoe

Hartina kahadean anu sakitu gede jeung lilana, leungit ku kagorengan anu ukur sakali milampah.

Hambur bacot murah congcot

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu sok goring sungut jeung sok babari nyarekan, tapi berehan, teu ngarasa lebar barang bere dahareun.

Hantang hantung hantigong hantriweli

Ari nu dimaksdu hantang teh nyaeta buah kalayar, rupana beureum sarta alus, tapi teu ngeunah didahar; hantung nyaeta jantung alias kembang cau; hantigong nyaeta gadog alias buah gintung, sarua deui teu ngeunah didahar; hantriweli nyaeta paria anu sarerea oge apal yen rasana pait.

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu hade rupa jeung tagogna, tapi taya araheunana, sabab taya kabisa.
Hapa-hapa ge ranggeuyan

Ieu paribasa dilarapkeun ka awewe anu najan hirupna sangsara tapi boga salaki; jadi aya nu ngurus jeung bumela.

Herang-herang kari mata, teuas-teuas kari bincurang

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu asalna beunghar jadi sangsara, rajakayana beunang disebutkeun teu nyesa saeutik-eutik acan.

Kahieuman bangkong

Hartina katenjona mah siga nu beunghar, padahal henteu, lantaran ukur kapihapean barang batur, lain anuna.

Hirup ngabangbara atawa ginding bangbara

Kangaraning bangbara, pamatuhanana teh ukur dina liang anu meh sapaseun awakna. Tapi najan kitu, ari rupana mah mani alus kacida, hideung meles semu herang. Babasan hirup ngabangbara dilarapkeun ka jelema anu tempat matuhna keur leutik teh teu tumaninah, tapi ana sakalieun barangpake mani ginding kacida.

Hirup ku panyukup, gede ku pamere

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu hirupna ukur ngandelkeun pamere ti batur, teu daek ihtiar sorangan.

Hirup dinuhun, paeh dirampes

Hartina pasrah pisan, geus teu boga kabeungbeurat atawa kahayang naon-naon, sagala rupana geus dipasrahkeun ka Gusti Nu Maha Suci.

Hirup teu neut, paeh teu hos

Hartina gering ngalanglayung salila-lila, cageur deui henteu, maot ge henteu.

Hirup katungkul ku pati, paeh teu nyaho di mangsa

Hartina urang hirup di dunya teh bakal ditungtungan ku maot anu datangna teu bias dipastikeun ti anggalna.

Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja

Hartina kudu bageur, kudu hade laku lampah, supaya alus kacaritakeunana.

Nginjeum sirit ka nu kawin

Hartina nginjeum barang (parabot) anu keur nu bogana kacida perluna (dipikabutuhna) jeung ngan sakitu-kituna.

Ipis kulit beungeut

Hartina gede kaera (dina harti hade), sabalikna tina kandel kulit beungeut anu hartina euweuh ka era.

Iwak nangtang sujen

Iwak hartina lauk, ari sujen hartina panggangan. Ieu paribasa teh hartina nyorang picilakaeun atawa pibahayaeun. Paribasa sasaruaanana nyaeta oray nyampeurkeun paneunggeul.

Jadi sabiwir hiji

Kecap sabiwir hiji teh asalna tina wawangsalan. Lamun biwir ngahiji disebutna balem. Kecap balem minangka wangsalna, ari eusina nyaeta pangaleman. Jadi sabiwir hiji hartina jadi pangaleman atawa jadi pamujian. Ngan wae ieu paribasa teh ayeuna mah sok aya nu ngahartikeun geus jadi rusiah umum atawa geus kanyahoan ku sarerea.

Jati kasilih ku junti

Junti teh ngaran tangkal, meh sarupa jeung jati, ngan leuwih leutik, jeung teu pati loba gunana. Paribasa jati kasilih ku junti hartina pribumi kaelehkeun ku semah (urang asing).

Jauh ka bedug, anggang ka dayeuh

Hartina dusun pisan, teu nyaho di tata-titi, tindak-tanduk, duduga peryoga.

Jawadah tutung biritna

Ieu paribasa teh asalna tina wawangsalan. Jawadah tutung biritna, wangsalna cara (ngaran sarupa kueh), eusina sacarana-sacarana. Jadi harti ieu paribasa teh nyaeta masarakat di saban tempat boga tata cara sewang-sewangan, anu mungkin wae teu sarua jeung masarakat di wewengkon liana.

Nyieun catur taya dapur

Hartina ngarang carita teu puguh alang ujurna.

Ka bala, ka bale

Ieu paribasa teh ngandung dua harti:

bisa campur gaul jeung jelema ti rupa-rupa golongan
bisa atawa teu ngawagu kana gawe kasar jeung gawe lemes

Ngadek sacekna, nilas saplasna

Hartina nyarita sajalantrahna atawa sabalakana, teu dikurangan, teu dileuwihan.

Kai teu kalis ku angin

Hartina ari kangaraning jelema mah moal senang salalawasna, awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusah.

Kawas nu mulangkeun panyiraman

Hartina boga kahayang atawa pamenta anu kawilang aneh, upamana wae kadaharan, lantaran geus deukeut kana ajal. Biasana cenah nu dipentana teh sarua jeung nu dipikayang ku indungna waktu keur nyiram (ngakandung) manehna.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam

Ieu paribasa dilarapkeun ka jelema anu kacida masakatna, sagala teu boga, hirupna ripuh.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang

Boh kotok bongkok boh kacingcalang sarua dilarapkeunana kana endog anu teu megar jadi anak hayam. Ari kotok bongkok mah anak hayam anu paeh dina jero endog keneh, ari kacingcalang nyaeta endog anu teu megar, tapi can mirupa anak hayam.

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka jelema anu pipilueun kana hiji urusan sabab ukur kabawakeun ku batur, lain karepna sorangan, tepi ka jadi goreng katenjona. Paribasa liana anu samaksud jeung kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang nyaeta lauk buruk milu mijah, piritan milu endogan.
Kunang-kunang nerus bumi

Hartina bapana geus teu jenengdeui, tina dina awal-ahir bakal aya budakna anu jeneng kawas bapana.

Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban

Ieu paribasa teh dilarapkeun ka awewe anu dipihukum (jadi pamajikan) tapi teu dibalanjaan, atawa teu dicumponan pangabutuhna ku salakina.

Maung ompong, kareta kosong, bedil kosong

Hartina jalma anu boga komara mah, najan geus teu nyekel kakawasaan oge angger dipiserab.

Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak

Hartina katideresa, dituding boga dosa lantaran kabeneran aya di tenpat kajadian lumangsungna kajahatan.

Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung teukteukeun, disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang

Hartina sumerah, masrahkeun diri, rek dikitu-kieu oge hempek, da rumasa salah atawa boga dosa.

Tugur tundan, cuntang gantang

Anu dimaksud tugur nyaeta kawajiban rayat baheula, kemit (jaga) di imah kapala (pamingpin) kalawan bagilir. Jigana ayeuna mah teu beda ti piket. Ari tundan nyaeta jelema atawa kuda nu disadiakeun di desa (baheula) pikeun nyiringkeun barang, surat, jeung sajabana ti eta. Ditatalepakeun ti hiji desa ka desa liana. Kecap cuntang jeung gantang sok digunakeun pikeun naker beas. Sagantang kira-kira sarua jeung lima cuntang, atawa kurang leuwih 3,5 kg.

Ieu paribasa teh hartina ngalaksanakeun pagawean pikeun kapentingan nagara, boh nu patali jeung kaamanan wewengkon boh juan-jieun atawa uma-ome sarana keur kapentingan umum. Dina ungkara sejen, ieu paribasa teh sok robah unina, jadi susuk bendung, tugur tundan, ngepung maung, menak kuda kapundayan.

Rabu, 14 September 2011

Riungan Dengdek 2011-2012




Orang-orang yang masuk ke group ini semuanya dengdek, kecuali saya aja yang gak dengdek wew ah....hehheeh....!!

Senin, 17 Januari 2011

SISINDIRAN

Aya listrik di masigit
caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
éndahna kabina-bina

Baju hideung kancing tangan
dikaput ku mérang awi
Nu hideung matak teu nangan
sing émut ka diri abdi

Baju soéh tatambalan
kaput gedé jarumatna
Daék sotéh ngawulaan
lamun hadé rumawatna

Baju tablo dibulao
kembangna katuncar mawur
Ari bogoh ti baréto
terang-terang geus ku batur

Batu turun keusik naék
kalapa tonggoheunana
Itu purun ieu daék
sarua bogoheunana

Béak daun béak randu
unggal poé dibikeunan
Béak taun béak windu
moal weleh dileukeunan

Boboko ragrag ti imah
ninggang kana pileuiteun
Nya bogoh ulah ka semah
ari balik sok leungiteun

Bubuy bulan sangray béntang
panonpoé disasaté
unggal bulan abdi téang
unggal poé ogé hadé

Carulang dipahpal kuda
héjo deui héjo deui
Rék mulang samar kaduga
nénjo deui nénjo deui

Cau ambon dikorangan
kanyéré ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
awéwé teu mikir-mikir

Cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
Lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa

Deungkleung déngdék deungkleung déngdék
buah kopi raranggeuyan
Ingkeun ieu anu déwék
ulah pati diheureuyan

És lilin buatan Bandung
dicandak ka Cipaganti
abdi isin bararingung
sok inggis henteu ngajadi

Itikurih Béntang Sinar
maén di lapang Cicéndo
Nyeri peurih kunu anyar
matak henteu hayang nénjo

Itu saha nungtun munding
digantélan saputangan
Itu saha ginding teuing
singhoréng geuning jungjunan

Jeruk lemo jeruk butun
diteundeun di ruyuk kaso
Tilam sono ka nu ngantun
sampeureun isuk pagéto

Kamana ngaitkeun kincir
ka kalér katojo bulan
Kamana ngaitkeun pikir
moal palér ku sabulan

Kapinis ulah disumpit
tangkal muncang ngarangrangan
Ieu nulis badé pamit
duakeun ti kaanggangan

Karinding palapah kawung
ditiup ku nu paranti
Nu ginding ulah mangpaung
sing émut ka diri abdi

Kaso pondok kaso panjang
kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
sono patepang di jalan


Kembang goyang jeung érmawar
pacampur jeung kacapiring
Hariwang réa kakelar
tagiwur teu genah cicing

Lampuyang nu cocongoan
bawaeun ka Rajagaluh
Ku hayang nya sosonoan
isuk mah urang pajauh

Leuleupeutan leuleuweungan
ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
ngarah téténjoanana

Majar manéh nganyam samak
neukteukan bari motongan
Majar manéh néang anak
ngadeukeutan popotongan

Meuncit meri dina rakit
boboko wadah bakatul
Lain nyeri ku panyakit
kabogoh direbut batur

Ngala antanan ka jami
cau emas tengah huma
Kahayang ulah rék lami
geura unjukan ka Ama

Ngalantung mulungan tanjung
bari metik nagasari
baringung pikir mangpaung
ati ceurik jeung rarisi

Ngaput baju kurang benang
gantian ku kantéh baé
Mun panuju geura téang
kuring mah rék daék baé

Ngimpi ngajul kembang tanjung
ngimpi ngala nagasari
Ngimpi tepung jeung nu jangkung
tara-tara ti sasari

Pileuleuyan cangkang béas
huut sajeroning kéjo
Pileuleuyan urang ikhlas
imut sajeroning nénjo

Pileuleuyan daun pulus
kararas daun katimpang
Pileuleuyan ulah tulus
masing ras ka nu di tukang

Pucuk tiwu akar bangban
amis mata disusukan
Mun rék milu geuwat dangdan
cimata geura susutan

Rayagung tanggal sapuluh
kasungka reujeung maléla
Abdi burung mun teu tulus
kasuka da ti baheula

Reundeu beureum reundeu hideung
reundeu kayas solempangan
Beuki heubeul beuki nineung
beuki lawas kaédanan

Rincik-rincik hujan leutik
paralak hujan tambaga
Nilik-nilik mojang leutik
teu terang aya nu boga

Samping hideung dina bilik
kumaha nuhurkeunana
Abdi nineung ka nu balik
kumaha nuturkeunana

Saninten buah saninten
dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
tangtos seueur kalepatan

Sayang kaak diarengan
diasupkeun kana peti
Hayang angkat sasarengan
bati gegetun nya ati

Talingtung talina benang
mobil beureum diguratan
Satungtung teu acan beunang
moal eureun disuratan

Senin, 26 Juli 2010

Angin Priangan

Seungit angin priangan
ngusapan embun-embunan
duh, embun-embunan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
ayun ambing, ayun ambing.

Seungit angin kahyangan
sumerep na lelembutan
duh, na lembutan
hawar-hawar rerendahan ngahariring
éling-éling, mangka éling.

Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah wasiat, tanah duriat
anu matak tibelat nya rarasaan.

Dengkleung déngdék
dengkleung déngdék sisi lamping
anu déwék, enya anu kuring
tanah katresna jati sarakan
anu tetep nyarengan nya lelembutan.

Minggu, 25 Juli 2010

Tata Cara Shalat Tasbih

Shalat Tasbih adalah shalat untuk mensucikan Allah dari segala sekutunya agar menambah kuat iman kita dan terhindar dari perbuatan syirik. Tidak mempunyai waktu tertentu, asal tidak dilakukan pada waktu yang dilarang.jumlah rakaatnya empat.Jika dilakukan pada siang hari empat rakaat dengan sekali salam dan jika dilakukan pada malam hari maka empat rakaat dengan dua kali salam ( setiap dua rakaat dua kali salam ).S abda Nabi saw : " Jika kamu mampu shalat Tasbih setiap hari maka lakukanlah, jika tidak mampu maka tiap hari jum'at atau setahun sekali atau seumur hidup sekali " ( HR.Abu Daud dan Ibnu Majah ).

Cara Melaksakan Shalat Sunnah Tasbih :
> Niat dalam hati berbarengan dengan Takbiratul Ihram
> "Aku niat shalat sunah Tasbih karena Allah"
> Membaca doa Iftitah, surat Al Fatihah dan salah satu surat didalam Al Qur'an. Afdhalnya, rakaat pertama membaca surat At Takatsur dan rakaat kedua membaca surat Al Ikhlas. Membaca tasbih 15 X sebelum Ruku.
> Ruku' dan membaca tasbih ruku' tiga kali, kemudian membaca tasbih 10 X
> I'tidal dan membaca bacaannya, kemudian membaca tasbih 10 X
> Sujud pertama dan membaca tasbih sujud tiga kali, kemudian membaca tasbih 10 X
> Duduk diantara dua sujud dan membaca bacaannya, kemudian membaca tasbih 10 X
> Sujud kedua dan membaca tasbih sujud tiga kali, kemudian membaca tasbih 10 X
> Duduk sejenak (duduk Istirahat) seperti duduk diantara dua sujud dan membaca tasbih 10 X
> Setelah membaca Tasyahhud lalu membaca tasbih 10 X kemudian memberi salam dua kali.Rakaat-rakaat selanjutnya seperti kelakuan diatas, sehingga tiap satu rakaat 75 tasbih dikalikan empat rakaat jumlahnya 75 X 4 = 300 tasbih

Rabu, 21 Juli 2010

TRUE LOVE



Furi kaeru to itsumo kimi ga warattekureta
Kaze no youni sotto
Mabushii sugite me wo tojitemo
Ukande kuruyo
Namida ni kawatteku

Kimi dake wo shinjite
Kimi dake wo kizutsukete
Bokura wa itsumo haruka haruka
Toii mirai wo
Yume miteta hazusa

Tachi tomaru to nazeka kimi wa
Utsumuita mama
Ame no youni sotto
Kawaranai yo ano hi kimi to
Deatta hi kara
Namida ni kawattemo

Kimi dake wo mitumete
Kimi dakeshi kainakute ooo
Bokura wa itsumo haruka haruka
Toii mirai wo
Yume miteta hazusa
Yume miteta hazusa

Selasa, 20 Juli 2010

Riung Mungpulung FOS (Facebookna Oerang Sunda)





Tanggal 4 Juli 2010

Aku bergabung dengan FOS (Facebookna oerang sunda) baru setahun sih, mereka semua baik-baik, anggotanya lucu-lucu, semua kalimat harus pake bahasa sunda, intinya harus jago bahasa sunda, tapi aku coba memberanikan diri untuk membuat status dalam bahasa sunda, karena aku sendiripun orang sunda asli. Aku merasa udah deket dengan para anggotanya, hingga suatu hari FOS membuat suatu acara yang dinamakan dengan Riung Mungpulung FOS. Acara tersebut tepatnya kemudian diadakan hari Minggu. Duh...udah gak sabar rasanya pengen cepet nyampei ke hari tersebut... Dan tibalah hari yang ditunggu-tunggu, aku ikutan ke acara tersebut, akhirnya kita ketemuan dengan semua anggota, senengnya minta ampun, makasih yah...temen-temen FB ku, aku gak akan ngelupain acara tersebut...